Rabu, 29 Mei 2013

Undak Usuk Basa, Basa Sunda ( Tatakrama Basa Sunda) Hurup C


Wilujeng tepang deui dulur-dulur sadaya ... Dina kasempetan ieu sim kuring badé ngabahas ngeunaan Undak Usuk Basa, Basa Sunda. Hal ieu kacida pentingna keur urang sunda mah, khususna pikeun barudak di jaman ayeuna anu tos teu terang Tatakrama atawa Undak Usuk basa Sunda.
Dina leresan ieu babagian Tatakrama Basa Sunda téh ngawengku basa hormat jeung basa loma, sarta masing-masing pada miboga papagon nu diluyukeun jeung kaperluan panyaturna. Anapon gurat badag Tatakrama Basa Sunda téh dibagi jadi 3 (tilu) golongan, nyaéta :
1.   Basa Kasar
2.   Basa Loma
3.   Basa Hormat
Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda Tina Hurup A, B, C, D, E, F, G, H, I, J, K, L, M, N, O, P, Q,R, S, T, U, V, W, X, Y, Z.
Basa kasar digunakeun keur sato atawa jalma nu keur ambek, basa loma dilarapkeunka jalma/babaturan anu geus loma (akrab), basa hormat dilarapkeun ka jalma anu pantes (meujeuhna) dihormat atawa diajenan.
Basa Hormat dipasing-pasing jadi :
1.   Hormat ka saluhureun. Contona : tuang, sumping, kulem
2.   Hormat ka sorangan atawa ka sasama anu can pati loma. Contona : neda, dongkap, mondok
3.   Hormat kanu leutik (sahandapeun), budak nu kakara bisa atawa lancar ngomong. Contona : emam, bobo, ameng.
Tujuan ayana Tatakrama Basa Sunda téh nyaéta teu aya sanés pikeun silih hormat atawa silih ajénan jeung papada jalma. Jadi lain jang ngabéda-bédakeun harkat jeung darajat jalma saperti jaman féodal. Tah kukituna omongan kakara disebut hormat upama dibarengan ku :
1.   Lisan (kecap)
2.   Pasemon
3.   Rengkuhjeung peta
4.   Lentong
Mugia waé artikel ieu aya mangpaatna kanggo urang sunda khususna, umumna generasi sunda anu salajengna. Sim kuring ngantos kana komentarna kabilihan sim kuring lepat dina ngadugikeun ieu bahasan wireh sipatna bahasa mah dinamis sareng rupi-rupi luyu sareng daerahna masing-masing.

Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda

Tina Hurup C

No
Kecap Ragam Loma
Kecap Ragam Hormat Keur ka Sorangan
Kecap Ragam Hormat Keur ka batur
1
cabak, nyabak
nyabak
nyepeng
2
cacangkir, cangkir
cacangkir, cangkir
tangkepan
3
cageur
pangésto, pangéstu
damang
4
calana
calana
lancingan
5
candung
candung
wayuh
6
caneut, nyaneut
nyaneut
ngaleueut
7
cangkéng
cangkéng
angkéng
8
capé
capé
palay
9
caram, carék
nyaram
ngawagel
10
carang, langka
awis, awis-awis
awis, awis-awis
11
carécét
saputangan
salempay
12
carék, nyarékan
nyarékan
nyeuseul, nyauran
13
carita, omong, nyarita
nyanggem
nyarios
14
cécéwok
obéh, ombéh
obéh, ombéh
15
cenah
cenah
saurna
16
cekel, nyekel
nyekel
nyepeng
17
celuk, nyeluk, gero, ngageroan
nyauran
ngagentraan
18
ceuli
ceuli
cepil
19
ceurik
ceurik
nangis
20
cici, nyician
nyician
mairan
21
ciduh
ciduh
ludah
22
cicing
matuh
calik, linggih
23
cik, cing, coba
cobi
cobi
24
cikal
anak cikal
putra pangageungna
25
ciling, pacilingan
kakus
jamban
26
ciri
tanda
tawis
27
cium, nyium
nyium
ngambung
28
cokot, nyokot
ngabantun
nyandak
29
cukup, mahi
cekap
cekap
30
cukur, dicukur
dicukur
diparas
31
cumpon, nyumponan
nyumponan
nyaosan
32
cunduk, datang
dongkap
sumping, rawuh



Pilari deui nu sanésna Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda Tina Hurup A, B, C, D, E, F, G, H, I, J, K, L, M, N, O, P, Q,R, S, T, U, V, W, X, Y, Z.

Baca Juga Artikel Terkait Lainnya :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan berkomentar, jangan sungkan ...