Tampilkan postingan dengan label Dongeng Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Dongeng Sunda. Tampilkan semua postingan

Senin, 02 April 2012

Sakadang Kuya jeung Sakadang Maung Silih Duruk


Sampurasun .... dulur-dulur sadayana ...
Tah dongeng anu badé dipedar ku Cijolang Mania ayeuna nyaéta dina judul Sakadang Kuya jeung Sakadang Maung Silih Duruk.
Sumangga ah langsung prung baé ....

Sakadang Kuya jeung Sakadang Maung Silih Duruk

Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.
Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.
“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.
“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.

“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”

“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”

“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.

“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”

“Ari suluhna ti mana?”

“Ngala ka leuweung!”

“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.

“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.

“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.

Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.

Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.

“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.

“Kuk!”

“Can paéh?”

“Encan, seuneuna kurang gedé.”

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

“Can paéh kénéh?”

“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya. Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu némbalan.

“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”

Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.

“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceuk Sakadang Maung kacida kagétna.

“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.

“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”

Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”

“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”

“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”

“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.

“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.

“Diduruk? Moal panas kitu?”

“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”

Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.

“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.

Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung, tangka ngabebela.

“Sakadang Maung!”

“Heuy!”

“Hirup kénéh?”

“Hirup, euy, ngan panas geuning!”

“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.

Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?” Sakadang Maung teu némbalan.

“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.

Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kaambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.

“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.


Sumber : Karuhun Wangatua Sakabeh, Buku-Buku Pangajaran Basa Sunda

SAKADANG MAUNG KACUGAK KU CUCUK LANDAK


Sakadang  Maung Kacugak ku Cucuk Landak. Sampurasun ... Cijolang Mania ayeuna badé mintonkeun salah sawios dongéng sunda warisan karuhun, anu judulna Sakadang  Maung Kacugak ku Cucuk Landak, urang langsung prung baé ah ...

Aya Sakadang Maung, gawéna ngan gagauran baé, da lapareun. Di leuweung keur hésé ku kadaharan. Sakadang Maung leumpang ngalénghoy, rék néangan hakaneun. Ari gok paamprok jeung Sakadang Bagong nu awakna begang rangkebong. Sakadang Maung ngagaur, atoheun.

“Ieu hakaneun mah!” pokna.

“Ih, daging kuring mah moal ngeunah!” ceuk Sakadang Bagong.

“Ah, keun baé, pelem baé ari lapar mah.”

“Ténjo, awak kuring sakieu begangna. Dagingna ogé nya liat nya kelang!”

“Ngeunah ah, pedo ah...!!

Sakadang bagong bingungeun. Kumaha akalna nya, sangkan aing teu dihakan ku Sakadang Maung?

“Kieu waé, Sakadang Maung. Kuring téh keur reuneuh, engké lamun geus ngajuru, anak kuring rék dibikeun ka andika,” ceuk Sakadang Bagong.

“Enyaan, moal bohong?”

“Moal, kuring mah moal bohong!”

“Heug ari kitu mah,” ceuk Sakadang Maung bari tuluy ngaléos.

Kocapkeun sabulan ti harita, brol Sakadang Bagong ngajuru. Ras inget kana jangji ka Sakadang Maung téa, manéhna pohara bingungna. Piraku aing rék téga mikeun anak. Anak aing nu sakieu. Tuh, keur ngagenyél baé nyusu. Emh, deudeuh teuing anaking!

Keur kitu torojol aya Sakadang Peucang. Sakadang Peucang anu pinter téa, sok loba baé akalna.

“Ku naon Sakadang Bagong, bangun keur baringung?” ceuk Sakadang Peucang.
Barabat Sakadang Bagong ngadongéng yén manéhna boga jangji ka Sakadang Maung.
“Euh, kitu. Ké atuh dagoan sakeudeung!” ceuk Sakadang Peucang bari tuluy ngaléos.
Teu lila geus ngurunyung deui, dibarengan ku Sakadang Landak.

“Kieu, Sakadang bagong, engké lamun Sakadang Maung datang, anak andika sumputkeun. Gagantina ieu Sakadang Landak, tapi cicingna kudu dinu rada poék, ngarah teu kacirieun!” Kitu Sakadang Peucang capétang nerangkeun.Sakadang Bagong panujueun.

Tah, geus kadéngé Sakadang Maung ngagaur. Tangtu rék nagih jangji. Tuh enya baé geus jungang-jengong.

“Mana anak andika téh, Sakadang Bagong?” pokna bangun geus hayang ngerekeb.

“Tuh, handapeun rungkun saliara. Nyaplukna sakalikeun baé, ngarah teu kadéngé ceurikna!” témbal Sakadang Bagong.

Sakadang maung keur lapar. Sakadang Maung geus teu sabar. Gabrug baé anu cindekul di jero rungkun téh dirontok, dicapluk, disamualkeun.

Ana gaur téh Sakadang Maung ngagaur, abrug-abrugan.

Cucuk Sakadang Landak nyarugak kan sungutna. Sakadang Maung calangap, abrug-abrugan, usek-usekan, ngos-ngosan. Golépak wé paéh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna nu baloboran getih.

Sakadang Bagong jeung Sakadang Peucang gancang nyampeurkeun Sakadang Landak. 

Tiluanana katémbong barungah. Lantaran naon?

Lantaran bisa ngéléhkeun Sakadang Maung!  

Hebatnya?

Sakadang Bagong, Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy igel-igelan bari ceuceuleuweungan.

Sumber ; Carita Karuhun, wangatua sakabeh, modifilasi ku Cijolang Mania

Sabtu, 31 Maret 2012

Clom Giriwil


Haturan kasadayana ...

Dina kasempetan ieu Cijolang Mania badé ngadongéngkeun lalakon jeung carita bustam  jalma anu purah nguseup. Sumangga ah urang langsung prung waé ...

Kocapkeun di sisi leuwi,aya jalma nu nguseup.
Clom ... giriwil ....! Clom ... giriwil ...!.giriwil ... clom ...! giriwil, giriwil ... clom .. cloom... 
Lung... kerenyed, kerenyeed ... giriwil ...! clom giriwil ....! kitu jeung kitu baé .... bangun nu nikamat ...

Useupna bangénan pisan. Jeuejurna leuleus, upama disanggut téh mani melenoy. Kukumbulna warna konéng. Kenurna panjang. Gogolongna mulus pisan, ari useupna ruruhitan. Tah éta mah useup jaman ayeuna.

Jaman baheula mah saur aki rada béda. Jeujeurna tina awi. Talina tina buntut kuda jeung teu maké kukumbul, tapi aya ogé anu dibeungbeuratan ku timah.
Tukang nguseup baheula jeung ayeuna sarua. Sarua naonna?
Sarua ramé dongéngna. Sarua bustamna, sarua gedé wadulna! Puguh-puguh meunang lauk sagedé curuk ogé, bébéjana ka batur mah meunang nu sagedé geulang leungen. Tapi da éta téh geus ilahar jang tukang nguseup mah. Dimamana ogé tukang nguseup mah pasti sok ngawadul dina widang nguseup mah. Rék pantar ménak atawa jalma biasa ogé, kangaranan tukang nguseup mah bustam. Aya hiji dongéng lalakon nguseup, cenah, aya nu ngalungkeun useup nepi ka peuntas walungan. Eupanna dicapluk ku peucang, giriwil meunang peucang. Disanggut deui ku mencek, giriwil meunang mencek. Tuluy disanggut ku banténg, giriwil meunang banténg.  Ti dinya ngait ngait kana bebegig, giriwil meunang bebegig!!

Wah ... ! bustam éta mah!

Teu percaya ?

Henteu !

Tanyakeun geura...

Ka saha?

Ka uing ... Radén Ustam Wadula ha ha ha ...

Carita Mida Dami modifikasi  ku  Cijolang Mania

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Maling Cabé

Sampurasun .... dulur-dulur sadayana, tepang deui sareng Cijolang Mania anu dina kasempetan ayeuna badé ngadugikeun salah sawios Dongéng Sunda anutos kakoncara, nyaéta Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Maling Cabé, Dongéng ieu téh mangrupikeun salah sawios karya Seni Sunda anu kalintang ageung ku Nilai Budaya sareng Sastra Sunda. Sumangga urang regepkeun waé ieu dongeng, mugia ieu dongéng téh sing janten hiburan kanggo urang tatar sunda, langkung ti éta mudah-mudahan Dongéng Sunda ulah pareumeun obor kumargi éta téh warisan anu kalintang berhargana kanggo anak incu urang kapayunna.

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Maling Cabé

  Kacaritakeun di hiji tempat di jaman baheula aya dua sato anu sosobatan. Sato nu kahiji nyaéta Sakadang Kuya, ari sifatna nyaéta saperti kuya biasana, leumpangna boyot tapi ari otakna mah cerdas jeung cerdik, ari sato nu kadua nyaéta Sakadang Monyét, sifatna licik jeung gurung gusuh. Maranéhna mineng ulin bareng jeung mineng pasamoan umpama aya kasempetan mah.
  Kacaritakeun isuk-isuk Sakadang Kuya keur moyan dina batu sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.

“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.

“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Keur naon Sakadang Kuya?”

“Ah keur kieu wé, keur moyan.”

“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”

“Di mana?”

“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”

“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”

“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”

“Nyaan moal gandéng?”

“Moal, nyaan moal gandéng.”

“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”

Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.

Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui jeung Sakadang Monyét. Kusabab cabé téh pohara ladana, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.

“Seuhah lata-lata!” (Maksudna mah “seuhah lada-lada”).... “Seuhah lata-
lata!” .....

“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!” Ceuk Sakadang Kuya
Sakadang Monyét henteu ngawaro.

“Seuhah lata-lata!”

“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Patani.”

Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.

“Seuhah lata-lata!”.... “Seuhah lata-lata!” ..... “Seuhah lata-lata!” ....

Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku patani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Patani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.

“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Patani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.

Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.

“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.

“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Patani, isukan kuya rék dipeuncit.

Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.

“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.

“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”

“Kabungah naon Sakadang Kuya?”

“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Patani.”

“Dikawinkeun ka anak Patani?”

“Enya.”

”Nu bener Sakadang Kuya?”

“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”

“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.

“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.

“Tukeur tempat kumaha?”

“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”

“Ah, embung.”

“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”

“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Patani téh.”

Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.

“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.

“Naon saratna?”

“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”

“Enya, énténg atuh kitu mah.”

Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Patani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Patani.

Kocapkeun isukna.

“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Patani ka pamajikanana.

“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”

“Itu urang meuncit kuya di pipir.”

Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Patani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Patani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.

Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.

“Bapa! Bapa!”

“Aya naon, Nyai?”

“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”

“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”

Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.

“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”

“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.

Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.

Sumber : Karuhun Wangatua Sakabeh, Buku-Buku Pangajaran Basa Sunda