Selasa, 29 Januari 2013

Undak Usuk Basa, Basa Sunda ( Tatakrama Basa Sunda) Hurup B


Wilujeng tepang deui dulur-dulur sadaya ... Dina kasempetan ieu sim kuring badé ngabahas ngeunaan Undak Usuk Basa, Basa Sunda. Hal ieu kacida pentingna keur urang sunda mah, khususna pikeun barudak di jaman ayeuna anu tos teu terang Tatakrama atawa Undak Usuk basa Sunda.
Dina leresan ieu babagian Tatakrama Basa Sunda téh ngawengku basa hormat jeung basa loma, sarta masing-masing pada miboga papagon nu diluyukeun jeung kaperluan panyaturna. Anapon gurat badag Tatakrama Basa Sunda téh dibagi jadi 3 (tilu) golongan, nyaéta :
1.   Basa Kasar
2.   Basa Loma
3.   Basa Hormat
Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda Tina Hurup A, B, C, D, E, F, G, H, I, J, K, L, M, N, O, P, Q,R, S, T, U, V, W, X, Y, Z.
Basa kasar digunakeun keur sato atawa jalma nu keur ambek, basa loma dilarapkeunka jalma/babaturan anu geus loma (akrab), basa hormat dilarapkeun ka jalma anu pantes (meujeuhna) dihormat atawa diajenan.
Basa Hormat dipasing-pasing jadi :
1.   Hormat ka saluhureun. Contona : tuang, sumping, kulem
2.   Hormat ka sorangan atawa ka sasama anu can pati loma. Contona : neda, dongkap,     
       mondok
3.   Hormat kanu leutik (sahandapeun), budak nu kakara bisa atawa lancar ngomong. Contona : emam, bobo, ameng.
Tujuan ayana Tatakrama Basa Sunda téh nyaéta teu aya sanés pikeun silih hormat atawa silih ajénan jeung papada jalma. Jadi lain jang ngabéda-bédakeun harkat jeung darajat jalma saperti jaman féodal. Tah kukituna omongan kakara disebut hormat upama dibarengan ku :
1.   Lisan (kecap)
2.   Pasemon
3.   Rengkuhjeung peta
4.   Lentong
Mugia waé artikel ieu aya mangpaatna kanggo urang sunda khususna, umumna generasi sunda anu salajengna. Sim kuring ngantos kana komentarna kabilihan sim kuring lepat dina ngadugikeun ieu bahasan wireh sipatna bahasa mah dinamis sareng rupi-rupi luyu sareng daerahna masing-masing.
 
Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda
Tina Hurup B
No
Kecap Ragam Loma
Kecap Ragam Hormat Keur ka Sorangan
Kecap Ragam Hormat Keur ka batur
1
babari
gampil
gampil
2
babatang
mayit
layon
3
baca
aos
aos
4
badami
badanten
badanten
5
badarat
badarat
nyacat
6
badéga
réncang
réncang
7
baé, keun baé
sawios, teu sawios
sawios, teu sawios
8
bagéa
bagéa
haturan
9
bageur
bageur
saé manah
10
baheula
kapungkur
kapungkur
11
baju
baju
raksukan
12
bakti
baktos
baktos
13
balik, mulang
wangsul
mulih
14
balur
balur
lulur
15
bangga, hésé
sesah
sesah
16
bangun
bangun
sapertos
17
bantu, babantu
babantu
ngiring ngadamel
18
bapa
pun bapa
tuang rama
19
baraya, dulur
réhréhan, wargi
wargi
20
bareng, reujeung
sareng
sareng
21
baréto
kapengker, kapungkur
kapungkur
22
batuk
batuk
gohgoy
23
batur, babaturan
réréncangan
réréncangan
24
bawa
bantun
candak
25
bawarasa
ku émutan, bawiraos
ku émutan
26
béak
séép
séép
27
béda
bénten
bénten
28
begang, kuru
begang
langsip, langsit
29
béja, bébéja
wawartos, popoyan
wawartos, pupulih
30
bendo
bendo
udeng
31
bener, enya
leres
leres
32
bengék, mengi
asma
ampeg
33
béré, méré
maparin, masihan
ngahaturanan, ngaleler
34
berekah
pangésto, pangéstu, aya hibar
damang, wilujeng
35
beubeur
beubeur
beulitan
36
beuheung
beuheung
tenggek
37
beuki
beuki, seneng
sedep
38
beulah
palih
palih
39
beuli, meuli
mésér
ngagaleuh
40
beunang
kénging
kénging
41
beungeut
beugeut
raray, pameunteu
42
beurang
siang
siang
43
beurat
abot
abot
44
beuteung
padaharan
patuangan, lambut
45
bibi
pun bibi
tuang ibu
46
bikeun,mikeun
maparinkeun
ngahaturkeun, nyanggakeun
47
bilang,milang
ngétang
ngétang
48
bingung
bingung
éwed
49
bireungeuh, mireungeuh
mireungeuh
ningali
50
birit, bujur
birit, bujur
imbit
51
bisa
tiasa
iasa
52
bisi
bilih
bilih
53
bisul
bisul
gambuh
54
bitis
bitis
wentis
55
biwir
biwir
lambey
56
boa
tiasa jadi
tiasa jadi
57
boga
gaduh
kagungan
58
bolonan, kotoran, palangan
udur sasih, kareseban
kareseban
59
buang, bubuang, ngising
miceun
kabeuratan
60
budak
budak
murangkalih
61
bujal
bujal, puseur
udel
62
buka (puasa)
buka
bobol
63
bukti
buktos
buktos
64
bulan
sasih
sasih
65
bungah, gumbira
bingah
bingah
66
burit
sonten
sonten
67
buru
bujeng
bujeng
68
butuh
perlu
peryogi

Pilari deui nu sanésna Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda Tina Hurup A, B, C, D, E, F, G, H, I, J, K, L, M, N, O, P, Q,R, S, T, U, V, W, X, Y, Z.

Baca Juga Artikel Terkait Lainnya :

6 komentar:

  1. Wah..., aya di dieu geningan undak-usuk Basa Sunda teh. Nuhun pisan inpona.

    Eh, muhun. Aya kagegelan (awards) ti blog Kampung Ciburuan. Mangga diparios heula... Panglélér Blog (Blog Award): Very Inspiring Blogger Awards

    BalasHapus
    Balasan
    1. Ah ieu mah nambih-nambih postingan we kang, wireh aya bukuna hehe da kaleresan diajar keneh basa sunda sim kuring oge :)
      Hatur nuhun kana pangangkena dulur...

      Hapus
  2. Numutkeun naonnya?? Loma sareng lemes ka sorangan ka batur?

    BalasHapus
  3. Punten bade naros. Ari numutkeun basa loma, lemes ka sorangan sareng lemes ka batur naon nya?

    BalasHapus
    Balasan
    1. conto: abdi nuju neda, andi nuju tuang sami lemes benten kata

      Hapus

Silahkan berkomentar, jangan sungkan ...