Rabu, 03 September 2014

Undak Usuk, Bahasa Sunda ( Tatakrama Basa Sunda) Hurup D

Wilujeng tepang deui dulur-dulur sadaya ... Dina kasempetan ieu sim kuring badé ngabahas ngeunaan Undak Usuk Basa, Basa Sunda. Hal ieu kacida pentingna keur urang sunda mah, khususna pikeun barudak di jaman ayeuna anu tos teu terang Tatakrama atawa Undak Usuk basa Sunda.

Dina leresan ieu babagian Tatakrama Basa Sunda téh ngawengku basa hormat jeung basa loma, sarta masing-masing pada miboga papagon nu diluyukeun jeung kaperluan panyaturna. Anapon gurat badag Tatakrama Basa Sunda téh dibagi jadi 3 (tilu) golongan, nyaéta :

1.   Basa Kasar

2.   Basa Loma

3.   Basa Hormat


Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda Tina Hurup A, B, C, D, E, F, G, H, I, J, K, L, M, N, O, P, Q,R, S, T, U, V, W, X, Y, Z.

Basa kasar digunakeun keur sato atawa jalma nu keur ambek, basa loma dilarapkeunka jalma/babaturan anu geus loma (akrab), basa hormat dilarapkeun ka jalma anu pantes (meujeuhna) dihormat atawa diajenan.

Basa Hormat dipasing-pasing jadi :

1.Hormat ka saluhureun. Contona : tuang, sumping, kulem

2.Hormat ka sorangan atawa ka sasama anu can pati loma. Contona : neda, dongkap, mondok    

3.Hormat kanu leutik (sahandapeun), budak nu kakara bisa atawa lancar ngomong. Contona : emam, bobo, ameng.

Tujuan ayana Tatakrama Basa Sunda téh nyaéta teu aya sanés pikeun silih hormat atawa silih ajénan jeung papada jalma. Jadi lain jang ngabéda-bédakeun harkat jeung darajat jalma saperti jaman féodal. Tah kukituna omongan kakara disebut hormat upama dibarengan ku :

1.   Lisan (kecap)

2.   Pasemon

3.   Rengkuhjeung peta

4.   Lentong

Mugia waé artikel ieu aya mangpaatna kanggo urang sunda khususna, umumna generasi sunda anu salajengna. Sim kuring ngantos kana komentarna kabilihan sim kuring lepat dina ngadugikeun ieu bahasan wireh sipatna bahasa mah dinamis sareng rupi-rupi luyu sareng daerahna masing-masing.



Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda
Tina Hurup D, E jeung G
No
Kecap Ragam Loma
Kecap Ragam Hormat Keur ka Sorangan
Kecap Ragam Hormat Keur ka batur
1
daék
daék, purun
kersa
2
dagang
dagang
icalan
3
dahar
neda
tuang
4
dangdan
dangdan
dangdos
5
dapur
dapur
pawon
6
kélék, ngélék
ngélék
ngadéhé
7
déngé, ngadéngé
nguping, mireng
ngadangu
8
deukeut
caket
caket
9
deungeun-deungeun
nu sanés, sanés wargi
nu sanés, sanés wargi
10
didik, ngadidik
ngatik
miwuruk,mitutur, miwejang
11
diri
diri
salira
12
diuk
diuk
calik, linggih
13
dubur
dubur
palawangan
14
duga, kaduga
kaduga
kiat
15
duit
artos
artos
16
duméh, lantaran
jalaran
kumargi
17
éléh
éléh
kawon
18
éling, inget
émut
émut
19
émboh, tambah
tambih
tambih
20
éstu, ngéstukeun, nurut
ngéstokeun
ngéstokeun
21
éndong, ngéndong
ngéndong
ngawengi
22
éra
isin
lingsem
23
embung
alim, narah (awéwé)
teu kersa
24
emét, saemét
saeutik
saeutik
25
endeng, saendeng-endeng
salamina
sapapaosna
26
enggon
pamondokan
pangkuleman
27
eukeur, keur
nuju
nuju
28
eusi, ngeusian
ngalebetan
ngalebetan
29
euweuh
teu aya
teu aya
30
gancang
énggal
énggal
31
gandék
réncang
réncang
32
gandéng
gandéng
baribin
33
ganti
ganti
gentos
34
gardéng, rérégan
gardéng
lalangsé
35
gawé
gawé
damel
36
gégél
gégél
landep
37
gedé
gedé
ageung
38
gelung
gelung
sanggul
39
genah, ngeunah
raos
raos
40
gering
udur
teu damang
41
getol
getol
kersaan
42
geuing, ngageuing
ngageuing
ngémutan
43
geulang
geulang
pinggel
44
geura, pék, hég
geura, mangga
mangga
45
geuwat
énggal
énggal
46
gigir,gigireun
gigireun
gédéngeun
47
gilir, bagilir
bagilir
bagentos
48
gimir
gimir
rentag manah
49
goda, gogoda, cocoba
cocoba
cocobi
50
goréng, joré
goréng
awon
51
gugu, ngagugu
nurut
tumut
52
guguling
guguling
pepedek
53
gura-giru
gura-giru
énggal-énggalan
54
gusar, digusar
digusar
dipeper

Pilari deui nu sanésna Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda Tina Hurup A, B, C, D, E, F, G, H, I, J, K, L, M, N, O, P, Q,R, S, T, U, V, W, X, Y, Z.

Baca Juga Artikel Terkait Lainnya :

5 komentar:

  1. Nuhun seratanana. Tiasa janten cepengan pami sakali waktos meryogikeun...

    Mangga ditingali heula seratan ieu…
    http://ciburuan.wordpress.com/2013/07/31/kagegelan-award-liebster-blog/

    BalasHapus
  2. sumuhun sami2 ... hatur nuhun pisan ...

    BalasHapus
  3. hatur nuhun tugas sakola jadi beres

    BalasHapus
  4. Bagus juga buat pelajaran bahasa sunda ;D

    BalasHapus

Silahkan berkomentar, jangan sungkan ...