Selasa, 02 September 2014

Undak Usuk, Bahasa Sunda ( Tatakrama Basa Sunda) Hurup K

Wilujeng tepang deui dulur-dulur sadaya ... Dina kasempetan ieu sim kuring badé ngabahas ngeunaan Undak Usuk Basa, Basa Sunda. Hal ieu kacida pentingna keur urang sunda mah, khususna pikeun barudak di jaman ayeuna anu tos teu terang Tatakrama atawa Undak Usuk basa Sunda.
Dina leresan ieu babagian Tatakrama Basa Sunda téh ngawengku basa hormat jeung basa loma, sarta masing-masing pada miboga papagon nu diluyukeun jeung kaperluan panyaturna. Anapon gurat badag Tatakrama Basa Sunda téh dibagi jadi 3 (tilu) golongan, nyaéta :
1.   Basa Kasar
2.   Basa Loma
3.   Basa Hormat
Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda Tina Hurup A, B, C, D, E, F, G, H, I, J, K, L, M, N, O, P, Q,R, S, T, U, V, W, X, Y, Z.
Basa kasar digunakeun keur sato atawa jalma nu keur ambek, basa loma dilarapkeunka jalma/babaturan anu geus loma (akrab), basa hormat dilarapkeun ka jalma anu pantes (meujeuhna) dihormat atawa diajenan.
Basa Hormat dipasing-pasing jadi :
1.Hormat ka saluhureun. Contona : tuang, sumping, kulem
2.Hormat ka sorangan atawa ka sasama anu can pati loma. Contona : neda, dongkap, mondok    
3.Hormat kanu leutik (sahandapeun), budak nu kakara bisa atawa lancar ngomong. Contona : emam, bobo, ameng.
Tujuan ayana Tatakrama Basa Sunda téh nyaéta teu aya sanés pikeun silih hormat atawa silih ajénan jeung papada jalma. Jadi lain jang ngabéda-bédakeun harkat jeung darajat jalma saperti jaman féodal. Tah kukituna omongan kakara disebut hormat upama dibarengan ku :
1.   Lisan (kecap)
2.   Pasemon
3.   Rengkuhjeung peta
4.   Lentong
Mugia waé artikel ieu aya mangpaatna kanggo urang sunda khususna, umumna generasi sunda anu salajengna. Sim kuring ngantos kana komentarna kabilihan sim kuring lepat dina ngadugikeun ieu bahasan wireh sipatna bahasa mah dinamis sareng rupi-rupi luyu sareng daerahna masing-masing.


Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda

Tina Hurup K


No
Kecap Ragam Loma
Kecap Ragam Hormat Keur ka Sorangan
Kecap Ragam Hormat Keur ka batur
1
kabar, beja, warta
wartos
wartos
2
kabeh, sakabehanana
sadayana
sadayana
3
kabur, minggat
minggat
lolos
4
kacida, nataku, naker, panteg
kalintang
kalintang, teu kinten
5
kadang warga
kadang wargi
wargi-wargi sadayana
6
kajeun, keun baé
sawios
sawios
7
kakara, karek
nembé
nembé
8
kalan-kaan, sakapeung
sawaktos-waktos
sawaktos-waktos
9
kalenger, kapaéhan
kapaéhan, kapiuhan
kapidara
10
karembong
kekemben
kekemben
11
kari, tinggal
kantun
kantun
12
kasakit, nyeri
kasakit, kanyeri
kasawat
13
katara, kacir
katawis
katawis
14
kapalang, kagok
kapambeng
kapambeng
15
katuhu
katuhu
tengen
16
kawantu
kawantos
kawantos
17
kawas, saperti
sapertos
sapertos
18
kawin
nikah jatukrami
jatukrami, réndéngan
19
kédé
kénca
kiwa
20
kéjo, sangu
sangu
sangu
21
kélék
kélék
ingkab
22
késang
karinget
karinget
23
kedeng, ngedeng
ngedeng
ébog
24
keris
keris
duhung
25
keur, pikeun
kanggo
kanggo, haturan
26
kiih
kahampangan
kahampangan
27
kira, sangka, ngira, nyangka
nginten
nginten
28
kocap, kocapkeun, kacaritakeun
kacarioskeun
kacarioskeun
29
kolot
kolot
sepuh
30
komo, samawona
komo, sumawona
sumawonten
31
kongkorong
kangkalung
kangkalung
32
kop, pék
mangga
mangga
33
kuat
kiat
kiat
34
kubur
kaluat
kaluat
35
kudu
kedah
kedah
36
kuku
kuku
tanggay
37
kuluwut, nguluwut, nguyung
nguluyut, nguyung
ngangluh
38
kumbah
kumbah
wasuh
39
kumis
kumis
rumbah
40
kumpul
kempel
kempel
41
kungsi
kantos
kantos
42
kurang
kirang
kirang
43
kurén, kurénan
rimbitan
rimbitan
44
kuring, sim kuring
abdi, sim abdi
sim abdi
45
kutu
kutu
puntang



Pilari deui nu sanésna Daftar Kecap Ragam Loma, Ragam Hormat Basa Sunda Tina Hurup A, B, C, D, E, F, G, H, I, J, K, L, M, N, O, P, Q,R, S, T, U, V, W, X, Y, Z.

Baca Juga Artikel Terkait Lainnya :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan berkomentar, jangan sungkan ...