Minggu, 26 Februari 2012

BIANTARA PAMAPAG


Haturan ka sadaya dulur-dulur sunda sadaya, dina kasempetan ieu Cijolang Mania bade nyobian kanggo nyuguhkeun postingan dian Basa Sunda, wirehna ieu teh aya pamundut ti dulur-dulur sunda. Mung hapunten anu kasuhun kasadayana kabilihan basana kirang merenah tebih tina kasampurnaan. Ieu teh mangrupikeu conto pidato atanapi biantara dina hiji acara, kanggo acarana mah sumangga tiasa diekplor deui kumaha kaperyogianana wae kumargi biantara anu bade di dadarkeun mah pamapag dina acara mieling dinten dibabarkeuna Raden dewi Sartika, sumangga diuninga wae ku dulur sadaya, mugia katampi.

BIANTARA PAMAPAG
Bismilaahirrohmanir rohim,
Assalaamualaikum wr. wb.
Langkung  ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina ieu biantara pamapag aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tatakrama.
Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru,
Kitu deui sakumna rerencangan sakola,
Dina  ieu waktos urang sadaya ngempel teh nyaeta bade mieling dinten dibabarkeunana Ibu Raden Dewi Sartika. Nembe oge ku saderek Ketua Panitia parantos didadarkeun, naon margina di sakola urang diayakeun ieu acara. Rupina ku sim kuring teu peryogi dipedar deui perkawis eta mah, margi katerangan anu kakuping mung bade ngadugikeun pamapag kana lumangsungna ieu acara, minangka wawakil ti sakumna siswa.
Acara-acara anu bade dilaksanakeun dina waktos ieu teh teu kinten mundelna, sareng teu kinten pentingna. Nembe oge tos ditataan ku Ketua Panitia, ieu acara teh baris direuah-reuah ku pasanggiri sareng pameran. Tangtosna oge sakumna siswa tiasa ngiring partisipasi saluyu sareng minat masing-masing.
Sim kuring, kalayan asma rerencangan Pangurus OSIS, seja ngahaturkeun nuhun ka para panitia anu parantos tihothat, ti ngawitan ngararancang dugika derna ngalaksanakeun acara dina dinten ieu. Kitu deui ka Bapa Kapala Sakola, Bapa Pembimbing OSIS, Bapa sareng Ibu di tata usaha, sim kuring ngadugikeun hatur nuhun ku parantos luntur galihna kersa masihan panuyun sareng ngabingbing parapanitia dina ngalaksanakeun pancen.
Hadirin hormateun sim kuring,
Diayakeunana ieu acara teh minangka tawis panghormat urang ka Ibu Dewi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang pendidikan. Jalaran kitu, sim kuring umajak kasadayana, sumangga ieukagiatan teh urang mangpaatkeun pikeun ngarojong cita-cita sareng udagan urang. Ka sakumna patandang dina acara pasanggiri, sim kuring ngadugikeun wilujeng tandang. Hanas eta aya anu hasil janten juara sareng aya nau teu acan hasil, teu kedah dipasualkeun; anggap wae eta teh hiji proses latihan. Kitudeui ku diayakeunana pameran, rupina ku urang tiasa dijantenkeun hiji bahan evaluasi, anu mugi-mugi wae prestasi urang tiasa teras dironjatkeun.
Sakitu anu kapihatur. Hatur nuhun.
Wassalaamu alaikum wr. wb.

Sumber : Gapura Basa ; 

Baca Juga Artikel Terkait Lainnya :

3 komentar:

  1. "panitia anu parantos tihothat"
    punten maksadna basa "tihothat" ieuteh naon..??

    BalasHapus
    Balasan
    1. tihothat teh maksadna kerja keras/sungguh2 dalam mengerjakan sesuatu gan, basa wewengkon panginten eta teh

      Hapus
  2. ai biantara pamapag teh naon nya??

    BalasHapus

Silahkan berkomentar, jangan sungkan ...